AL-QUR'AN JALANG KEHIRUPAN URANGOleh Rizki A N
Dina simpena Sore Anu dipapaes ku sora turaes
Dina jemplingna Peuting Anu diiring ku hiliwir angin
Dina bayeungyangna beurang Diri Anjeun masih oge kabayang
Kecap nyaah anu sakitu endah
Kecap nyaah anu nentremkeun manah
Satentrem lamun maca Al-Qur'an
Kiwari ngan saukur lamunan
Surga Kanyaah anu baheula dipikareueus
Ayeuna asa ngabalik jadi naraka anu ngenes
Mopohokeun diri anjeun nu pernah dipikaheman
Lir susahna nulis Kecap-kecap Al-Qur'an
Nilemkeun rasa kanyaah anu geus tibaheula
Lir maca Qur'an anu kudu Pas tajwidna
Naha jalinan kanyaah urang bisa?
Bisa lir urang maca Al-Qur'an
Anu geus tamat tapi bisa diulang