SANGKILANG JENTRE, BORORAAH DITEDUNAN
Oleh Ustadz Awa Motivator Cinta (Ustadz AMC)
Bari nagog sidéang payuneun hawu
Seleweg sorabi, pia-pia, sareng gémét dianueun sabrang
Belewek papais, pepentul, kuping, jeung béca
Camuil leupeut, koécang, sinareng kadempling
Nu lianna nyondong sangu saceceting, celem, gegecok, dédéblag
Ogé aya sabangsaning komplang, boléd, tapay
Tur gemblong, rarabudig, otokowo, katut bukasirap
Suruput ci entéh ngalampog guguplakan kénéh karara némbok
Di karang, bréh rubiah keur cacakar
Pedah pabalatak runtah dina hawangan
Ngaladeg beton dipangpéngkeun ku bebenjit nu ngaboséh epit
Nyaeur jukut di téoheun tatangkalan
Ti dia, tuluy nyeuseuh gembong nu ngageneng
Nu cambostrok, kulapengan, jojolopot, jajalabud
Nu digawingkeun dina paku
Ogé numpra ngumbruk luhureun sepén
Matak menit mun nyawang kaayaan nagara mah
Sangkilang geus jéntré puguh jujutannana
Har geuning diingkeun baé
Kaligané tiasa nyalonkeun deui
Mana kitu ogé da ditangtayungan ku pangawasa
Kiwari jenuk buktos nu dipungkir
Sanajan ngayah nu nyaksénan
Haré-haré waé bororaah didéngé
Bororaah ditedunan sina dibulubuskeun ka pangbérokan
Majarna mah pidoli teuing
Baruk ieu téh nagara hukum
Ceunah kawentar nagara Pancasila
Ngagulkeun nagara démokrasi keding
Geuning ngabadeg nu jogol diantep baé
Réa nu ngarumpak agama jeung daligama teu dipiroséa
Dawuh Pangéran dijantenkeun sisiwo
Majarna éta mah ngan pikeun nu boga uteuk dagé
Ulama dipitnah, dibagéro
Ari rahayatna diréken jalma biko
Nu teu pélag nanaha, teu ejos nanaon
Engké meureun mun wawales geus tumiba
Pami nagara tos reksak, rujad, amburadul, babatayan
Kadodora hanjelu teu kélu, hanjakal teu ngakal
Eta ogé mani bangga élingna, majar teu digeuingkeun
Dipikir-pikir mah matak kagugu
Ku lalampahan inohong loba anu owah
Batur mah kabeureuyan ku ésé kadu
Ieu mah bet kapelang ku cicis é-katépé
Hahajaan pisan, lain saménél, sanes saenél
Kakaratak, kukurutuk, kokorobet sauyunan
Merod enjah disalahkeun ngaliarkeun taleus ateul
Kacerek deleg teu kaop ngalambus, cawéhwér, rerempodan
Cilaka dua belas, sasapaan tujuh patrunan
Sihoréng kitu téh mung ukur sakolépat
Satuluyna carita teu kungsi diguar deui
Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana
Kamangkara ngadagoan diajab mah
Jiga nagara deungeun diperekpek hujan mungkal
Aya deui sajajagat kaléntab ku seuneu ngabebela
Pon kitu deui longsor jeung caah bena nu motah temen
Nyanéh nu mikalampah, batur nu kabalérang
Embeu atuh sadérék kum ka sadayana
Cuang sisingkil, tong waregah
Taki-taki tina bancang pakéwuh
Tong sok makruh dina réngkak paripolah
Teu kenging janten jalmi bulit
Nu sok ngirangan kiloan, tara mikeun susukan
Mabok alatan nohtor sababaraha gendul
Ceceremed, babadog pakaya batur
Raksukan teu mararatut mung calana komprang
Indehoy, mondok, gulang gapér, bisnis ula jeung duraring
Montong sok apén alé, baragajul, jeung munapik
Ulah jadi jelma ngedul, tukang paparin, embung digawé
Ngadaweung wungkul, humandeuar, heuay, nangkeup harigu
Emut, sapertos kapungkur nuju alit ning
Waktos bada apun dipangmésérkeun acuk énggal
Sirilik ka tanjak, paléot, breng ka pudun, gumasép gumeulis
Nalika kénging peunteun jabeg atoh kagirinakeun
Basa ngadu pinci kutuy pundung, meunang ajrét-ajrétan
Tibuburanjat ngudag langlayangan leupas nepi ka bararundas
Neundeun kartu gambar dina senteng
Isukanna nyamos aya nu maok duka kandi
Kami, andika, urang sadaya baris ditelepék jaganing pagéto
Naha sok sambéang tur maca Qur’an
Atawa teu wawuh kana muken-muken acan
Ulah owel ku banda pikeun sedekah ambéh barokah
Mangka sabar jeung tawakal, ulah sologoto
Agéh babalik pikir meungpeung bika kénéh panto tobat
Enjung indit makalangan jihad fi sabilillah
Sing tarapti dina mitapak, ngamumule sunah Rasulullah
Ngarah daang ponyo, pineuh tibra
Mugia nagara nanjung tur makmur
Baldatun thayyibatun wa rabbun ghafûr
Rapih winangun kerta raharja