PEUTING
Oleh Deni Ramdani
Surya surup di palih kulon
Ngagebahkeun layung beureum
Ngoréjatkeun wanci harieum
Hiliwirna angin peuting
Karasa tiis kana ati
Ngahiberkeun diri kana ngimpi
Ngalungkeun harepan ka langit taya béntang
Moncorong bulan opat welas
Méré caang ka poékna peuting
Sanajan caangna menang nginjeum
Tinu sok méré caang ti beurang
Tinggarupay tatangkalan
Ngagupayan bulan nu némbongan
Lilakalilaan...
Ngondang kula kanu impénan