PADUMUKAN KURING
Oleh Wawat Ernawati
Deudeuh padumukan kuring
Teu aya sesa tawa tapak
Ukur waas ngambang dina cai ngeplak
Taya ciri anu matak surti
Ukur kanyeri na jero ati
Taya tanda nu matak nyata
Ukur keclak cimata jadi muara
Kiwari....
Tunggul kapahung
Tangkal tunggara
Seuri jadi kanyeuri
Bagja jadi cilaka
Sajarah kabawa caah cimanuk
Carita kairid palid cimuja
Tileum didasar sagara
Malih wanda jadi bendungan jatigede